oleh

Abah Anton Charliyan Ngaguar Tutungkusan “Bedana MIGUSTI Jeung MUPUSTI”

Sampurasun…..?!!

LOBA keneh jalma nu sok pasalia paham ngenaan “tata cara” dina ngarumat titipan Karuhun anu mangrupa barang pusaka atau mustika.Malah teu pirang pirang nu nyebutkeun syirik, musyrik, mahiwal jrrd. Cohagna kaluar tina tetekon agama (Islam). Naha enya kitu ? Cikan simkuring rek muka tutungkusan dina kanjut kundang…..Dalah geuning?

  • MIGUSTI hartina nyaeta percaya kana kakuatan anu aya dina barang pusaka, sahingga anu ngarana ngaminyakan, ngamandian, mere sasajen. jadi kawajiban sabab dipercaya mun teu dilakukeun bakal jadi matak jeung lamun dilakukeun bakal mawa kana kabagjaan atawa kana kaberhasilan.
  • MUPUSTI hartina nyaeta miara barang-barang pusaka sabab salain ngaharepkeun mangpaat tina eta barang. Manehna ngoleksi jeung ngarawat eta barang kusabab hal-hal lain misalna; ku niley seni-na, ku niley sejarahna, ku antikna, Anapon manehna sok sakapeung ngaberesihan, ngaminyakan eta mah lain pedah ku sieun jadi matak teu pararuguh, tapi seieun barangna jadi karatan/taihiangan tea, jadi belewuk ku kebul tea atawa sieun koropos warangkana ku sasatoan.

Simkuring soke mut kana pituah sepuh anu unina kieu

Ngarumat titipan Karuhun ..

Hayu urang jaga, hayu urang riksa ..

Ulah sok digunasika ..

Bisi matak carilaka ..

Urang kudu era getih Karuhun ngalir dina raga urang sarerea ..

Mugia Rahayu Sagung Dumadi …

Aahuung …

cag ah rampes ..

tabe ..

Komentar