oleh

Anton Charliyan Ngaguar Kaarifan Urang Sunda Ngeunaan Makna “SAMPURASUN”

POE Salasa pasosore, LINTAS PENA  ngahajakeun tandang ka bumina pengersa Abah Anton nenehna Irjen Pol (Purn) Dr. H.Anton Charliyan,MPKN manten Kapolda Jawa Barat oge sesepuh seni budaya Sunda tur masarakat Jawa Barat nu tos moal bireuk deui. Dina obrolan rineh, Abah Anton ngaguar sagala rupi pasualan nu keur haneut, utamana ngeunaan sabagean tokoh nu hayang ngarobah Provinsi Jawa Barat janten Provinsi Sunda jeung rea rea deui.Oge teu poho ngaguar ngenaan “KAWIN CAI” tug nepika sual “SAMPURASUN”. Dina ieu tulisan, LINTAS PENA rek ngaguar heula ngenaan harti “SAMPURASUN” nu kungsi dipelesetkeun jadi “CAMPUR RACUN”. Kacida teuing…..!!! Padahal, makna “SAMPURASUN” boga ajen inajen anu kawilang luhur tur luhung, jeung eusina jero pisan.

Abah Anton ngabejer beas-keun ngeunaan makna “SAMPURASUN” yen kata “SAMPURASUN” kawit tina kalimat “SAMPURNA RAGA INGSUN”.

anu ngagaduhan makna “SAMPURNAKEUN DIRI ANJEUN”.

Nyampurnakeun diri minangka tugas utama manusa di alam dunya anu ngalingkupan

-Kasampurnaan ucapan-*

-Kasampurnaan titingalian-*

-Kasampurnaan rurunguan-*

-Kasampurnaan angseuan-*

Kabeh kasampurnaan eta ayana dina kabersihan tur kaherangan hate. Herangna hate ngawujud dina sifat tur lengkah paripolah urang Sunda nu jadi ajaran “SILIWANGI” (silih asah, silih asih, silih asuh).*

Seukeutna indera rasa urang Sunda, ngawujud dina ucapan “SAMPURASUN“, nu jadi do’a sakaligus pa-ngeling-ngeling, yen urang sunda kudu WASPADA PERMANA TINGAL  

*Ceuli kajaga ku runguna

*Panon kajaga ku awasna

*Irung kajaga ku angseuna

*Letah kajaga ku ucapna

*Kabeh eta kudu ngamuara dina hate nu kajaga ka ikhlasanana

*WASPADA PERMANA TINGAL, lain ngandung harti curiga kana sagala kaayaan, tapi wujud lengkah paripolah urang Sunda nu kudu “deudeuhan, welasan, asihan, nulung kanu butuh nalang kanu susah, nganteur kanu sieun nyaangan kanu poekeun”.

TAH ..SIKEP IEU NU NGAJADI CIRI URANG SUNDA KASOHOR .

Resep ngahiji, sareundeuk saigel sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak.

Budaya luhung ieu teu datang sakaba-kaba, tapi lahir diwangun ku ka-arifan urang Sunda. Yen hirup teh kudu ngahiji, bareng, ngamuara (museur) ka Maha Agung na Allah SWT.

Ka-arifan ieu anu ngalahirkeun karakter urang sunda jauh tina sifat “museur” kana dirina (ke-akuan/ego).*

Urang Sunda sadar, yen hirup ngan ukur sasampeuran, awak ngan ukur sasampayan, kabeh sarengkak saparipolah mung margi kersaning Gusti Anu Maha Suci.

SAMPURASUN ukur sakecap, ngan jero harti jeung maknana dina ngawangun JATI DIRI urang Sunda. Cag ah….!!!!*.

Komentar