“Babasan sareng paribasa sunda teh mangrupi buktos kabeungharan kecap basa Sunda. Dina ungkara basa anu saeutik patri, tur umumna murwakanti, tiasa kagambar angen-angen, adat cahara, sareng palasipah urang Sunda enggoning hirup kumbuh“, kitu ceuk Adang S, Pupuhu Caraka Sundanologi
1. Atah Anjang = langka silih anjangan
2. Adigung Adiguna = takabur, sombong
3. Ambek Nyedek Tanaga Midek = nafsu gede tapi tanaga euweuh
4. Anjing Ngagogogan Kalong = mikahayang nu lain- lain
5. Adat Kakurung Ku Iga = lampah goreng hese leungitna
6. Alak Paul = jauh pisan
7. Aki-Aki Tujuh Mulud= geus kolot pisan
8. Ayem Tengtrem = tenang teu aya kasieun
9. Asa Teu Beungeutan = awahing ku era
10.Anu Borok Dirorojok = nu titeuleum di simbeuhan = mupuas kanu keur cilaka
11.Amis Budi = hade paroman
12.Aya Jurig Tumpak Kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
13.Aya Jalan Komo Meuntas = aya kahayang aya nu ngajak
14.Awewe Dulang Tinande = awewe nurutkeun kahayang salaki
15.Amis Daging = babarian katerap panyakit
16.Abong Letah Teu Tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun batur
17.Ari Umur Tunggang Gunung, Angen-Angen Pecat Sawed = ari umur geus kolot, ari kahayang jiga budak ngora
18. Agul Ku Payung Butut = agul ku turunan
19. Aya Pikir Kadua Leutik = aya kahayang
20. Asa Ditonjok Congcot = ngarasa bungah pisan
21. Adean Ku Kuda Beureum = ginding ku pakean meunang nginjem
22. Birit Aseupan = teu daek cicing
23. Biwir Nyiru Rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
24. Bengkung Ngariung, Bongkok Ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
25. Beurat Birit = hese dititah
26. Bali Geusan Ngajadi = lemah cai kalahiran
27. Balungbang Timur = nuduhkeun hate beresih
28. Bobo Sapanon Carang Sapakan = aya kakurangan
29. Bilatung Ninggang Dage = bungah pisan
30. Batok Bulu Eusi Madu = ninggang lain pitempatenana
31. Badak Cihea = degig
32. Bonteng Ngalawan Kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
33. Babalik Pikir = insap
34. Balik Pepeh = nu gering teu daek cicing
35. Balik Ka Temen = asal banyol jadi pasea
36. Buntut Kasiran = medit
37. Bodo Alewoh = bodo tapi daek tatanya
38. Bodo Kawas Kebo = bodo kacida
39. Beja Mah Beja = beja ulah waka dipercaya
40. Bancang Pakewuh = ripuh ku kasusah jeung kahesean
41. Budak Keur Meujeuhna Bilatung Dulang = keur meujeuhna beuki dahar
42. Bulu Kapaut = kabawa ku batur
43. Balabar Kawat = beja nu sumebar
44. Beak Dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
45. Batan Kapok Galah Gawok = batan eureun kalah maceuh
46. Buruk- Buruk Papan Jati = hade goreng dulur sorangan
47. Cueut Kahareup = tereh maot
48. Deukeut- Deukeut Anak Taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
49. Disakompet daunkeun = disamarutkeun
50. Dibejer Beaskeun = dijentrekeun, dieceskeun
51. Dog dog Pangrewong = acara panambah
52. Dibabuk Lalaykeun = dibabuk kenca katuhu
53. Dagang Oncom Rancatan Emas = teu saimbang
54. Dihin Pinasti Anyar Pinanggih = kapantesan geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
55. Dug Hulu Pet Nyawa = usaha satekah polah
56. Elmu Ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
57. Gantung Denge = masih dedengeeun
58. Ginding Kekempis = ginding tapi sakuna kosong
59. Gede Gunung Panaggeuhan = boga andelan, pedah boga dulur beunghar
60. Garo Mengmenge-eun = taya kasabaran
61. Galehgeh Gado = sagala dicaritakeun
62. Garo Singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju
63. Gurat Batu = pageuh kana jangji
64. Goong Saba Karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
65. Goong Nabeuh Maneh = ngagulkeun diri sorangan
66. Getas Harupateun = gampang kabawa ku nafsu
67. Gindi Pikir Belang Bayah = goreng hate
68. Hampang Birit = daekan kana gawe
69. Hambur Congcot Murah Bacot = goreng carek tapi berehan
70. Heuras Genggerong = omongana sugal
71. Hade Gogog Hade Tagog = jalma sopan
72. Hutang Salaput Hulu = hutangna kaditu kadieu
73. Hurung Nangtung Siang Leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
74. Hejo Tihang = sok pundah pindah pagawean
75. Harigu Manukeun = dadana nyohnyor kahareup
76. Haripeut Ku Teuteureuyan = gampang kapincut ku pangbibita
77. Harewos Bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur
78. Handap Lanyap = omongana lemes tapi ngahina
79. Halodo Sataun Lantis Ku Hujan Sapoe = kahadean mang taun- taun leungit ku kagorengan sakali
80. Heureut Pakeun = kurang kaboga
81. Hampang Leungeun = gampang tunggal teunggeul
82. Iwak Nantang Sujen = ngadeukeutan pibahayaeun
83. Inggis Batan Maut Hinis = paur pisan
84. Jalma Atah Warah = teu manggih didikan cukup
85. Jati Kasilih ku Junti = pribumi ka elehkeun ku semah
86. Jauh-Jauh Panjang Gagang = jauh- jauh teu Beubeunangan
87. Kawas Anjing Tutung Buntut = teu daek cicing
88. Kawas Anjing Kadempet Lincar = gogorowokan menta tulung
89. Kawas Bueuk Meunang Mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
90. Kurung Batok = tara indit- inditan jauh
91. Kawas Beusi Atah Meuleum = beungeutna beureum awahing kuambek
92. Kokolot Begog = budak pipilueun kana urusan kolot
93. Kawas Nu Dipupul Bayu = leuleus taya tangan pangawasa
94. Kumaha Geletuk Batuna, Kecebur Caina = kumaha brehna
95. Kejot Borosot = gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula
96. Kabawa Ku Sakaba-Kaba = kabawa ku nu teu puguh
97. Kahieuman Bangkong = jiga beunghar pedah katitipan barang batur
98. Katempuhan Buntut Maung = batur nu boga dosana urang nu katempuhanana
99. Kawas Cai Dina Daun Taleus = taya tapakna
100. Kawas Jogjog Mondok = teu daek repeh
101. Kelek Jalan = deuket tapi jalan na taya nu lempeng
102. Kawas Jaer Kasaatan = teu daek cicing
103. Kawas Gaang Katincak = jempe
104. Kawas Hayam Panyambungan = Lumbang- limbung teu puguh
105. Kawas Kuda Leupas Tina Gedogan = Ngarasa bebas
106. Kaciwit Kulit Kabawa Daging = anak nu boga dosana, kolot nu kababawana
107. Kandel Kulit Beungeut = euweuh ka era
108. Kujang Dua Pangadekna = Pagawean nu maksudna dua cabak
109. Kokoro Manggih Mulud Puasa Manggih Lebaran = makmak-mekmek
110. Kawas Kedok Bakal = goreng patut pisan
111. Kaliung Kasiput = loba baraya beunghar
112. Kawas Kapuk Ka Ibunan = leuleus taya tangan pangawasa
113. Kalapa Bijil Ti Cungap = rusiah dicaritakeun sorangan
114. Kawas Kacang Ninggang Kajang = nyariatna capetang tur gancang
115. Kokoro Nyoso Malarat Rosa = Malarat pisan
116. Kulak Canggeum = milik nu geus ditangtukeun ku Gusti Allah
117. Kembang Buruan = budak nu keur resep ulin
118. Kawas Leungeun Palid = uyap ayap teu daek cicing
119. Kawas Lauk Asup Kana Bubu = hese rek kaluar …
120. Benda Sesampiran Nyawa Gegaduhan = harta banda jeung nyawa boga Gusti Alloh, kudu pasrah tumarima lamun dicokot sawaktu waktu.
121.Mun Kiruh Ti Girang Komo Ka Hilirna = mun kalakuan pamingpin goreng, rahayat nu dipingpinna oge moal jauh kalakuan pamingpinna
122.Kudu Ngukur Kana Jujur, Nimbang Kana Awak = kalakuan ulah kaleuleuwihi
123.Ka Hareup Ngala Sejeujeuh, Ka Tukang Ngala Selangkah = sikap ati ati dina ngajalankan hirup
124.Nu Geulis Jadi Werijit Nu Lenjang Jadi Baruan = hade rupa nu matak nyilakakeun diri sorangan
125. Ninggalkan Hayam Dudutaneun = ulah ninggalkeun pagawean nu acan rengse
126. Kudu Seubeuh Méméh Dahar, Kudu Nepi Méméh Indit = kudu ningali kahareup saacan ngalakukan hiji pagawean, kudu dipikirkeun heula
127.Tong Asa Aing Uyah Kidul = hirup ulah ngarasa pang jagona, pang pinterna jrrd
128.Tata Titi Duduga Peryoga = kudu bisa ngajaha etika-sopan santun
129. Lamun Jangji Kudu Sacangreud Pageuh Sagolek Pangkek = mun jangji kudu dicumpunan/ulah ingkar jangji
130.Tong Cueut Kanu Hideung Ponténg Kanu Konéng = kudu adil, ulah pilih kasih
Sumangga diemut deui ku dulur sadayana.Mugia ageung mangpaatna_supados dina bahasa nu urang teu poéken obor manawi geusan katampi. Urang kudu ngamomole basa Sunda, basa indung.Cag….!!!
