oleh

Bupati Tasikmalaya Resmikan Gedung Dakwah Islam Kec.Parungponteng

Kab.Tasik, LINTAS PENA

Bupati Tasikmalaya Adé Sugianto ngaresmikeun Gedung Dakwah Islam (GDI) Kacamatan Parungponténg, Salasa (19/11/2019). Dina éta kasempetan ogé dilaksanakeun Rembug Warga dina raraga miéling Maulid Nabi Muhammad SAW 1441 Hijriah.
Di hareupeun warga nu haladir, Bupati @h.adesugianto nandeskeun sangkan warga teu nginjeum duit ka bank “émok”, kosipa atawa réntenir, lantaran nu kitu mah sok nyangsarakeun engkéna. “Bapa, ibu, sareng para wargi sadaya, engké deui mah omat teu kénging nambut artos ka réntenir, bank émok, kosipa, atanapi nu sabangsana ti éta, kumargi Pemkab gé badé gawé bareng sareng Bank Jabar pikeun ngagampilkeun fasilitas pinjaman kalayan bunga nol persén, janten urang teu keuna ku riba,” kitu kasauran Bupati.
Lian ti éta, pikeun ngurangan kasalahan dina méré fasilitas jeung bantuan ti pamaréntah, Bupati @h.adesugianto miharep ka aparatur kacamatan jeung désa, sangkan dina ngadata warga miskin jeung budak nu pahatu lalis téh, kudu bener-bener akurat.
Saréngséna ngaresmikeun GDI Parungponténg, Bupati ogé ngalaksanakeun Rembug Warga jeung masarakat Parungponténg. Hal ieu téh dilakukeun sangkan komunikasi dua arah sacara langsung antara pamaréntah jeung masyarakat bisa leuwih anteb.
Hadir dina éta kagiatan, SKPD Kabupatén Tasikmalaya, Camat jeung Kepala Désa di wilayah Parungponténg, Diskominfo Kabupatén Tasikmalaya, tokoh masyarakat, alim ulama, jeung tamu uleman lianna.(KOMINFO)****