oleh

Kala Monyet dan Kala Hurang Tembey

Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung dan Tokoh Budaya Sunda)*

MONYET

Kala monyet. Karuhun tos ngawawadian ku ujaran, ” Hiji waktu bakal aya kajdian, seuweu siwi Prabu Siliwangi, kedah awas permana tingal:” Dimana lauk geus ngadarat/ Bangkong ngaheungheum liangna/ monyet ngawuluku..”.

Dina kala monyet, tos teu kedah pami aya kasarakahan jalma, sabab paripolah monyet, nya hiji sato nu sarakah. Kembu pipi katuhu, pindahkeun kembuna ka pipi kenca, teras ngagayot na gado kenca katuhu, rangem kuramo kenca katuhu, masih keneh dirangem ku ramo suki kenca katuhu, ahirna ngagantungkeun buntut.

Kiyai Hasan Musthafa, ulama Tarogong Garut, ngadamel cutatan , mangrupa dongeng, “Sakadang Kuya vs Sakadang Monyet, dipiwarang melak cau”. Monyet melak jantungna, pajar teh meh gancang bijil cauna; sakadang kuya, melak tunasna.

Dina lomba eta ngagambarkeun, kasabaran sakadang kuya, tur kasar lakulampah monyet.Paripolah monyer, melak tara, lagu panen miheulaan nu boga. Kebon patani diranjah, atuh wanci panen tos tumpur.

Sumangga lenyepan, kuuranh sadaya, Dawuh Gusti na Kiatab Suci, al Quran , ummat Musa As nu wangkelang ka Gustina disupata jadi monyet (Kirdun).

Patipolah jalma , nu wangkelang ka Gustina, dicirikeun satingkat Musa As utusan Gusti teu diturut  , hamo salain utusan. Dina pawayangan wangsa monyet nu daek tumut tur pengkuh kana aturan Gusti, nya Hanoman. Dina dongeng, di Tiongkok, nya Sunggu Kong, 500 taun dieurad dina ginung batu, sangkan robah paripolahna, sateuacan jadi manusa.

HURANG TEMBEY

Hurang Tembey, dina wanci ngahijina cau laut jeng cai tawar, mijah baranahan, euyeub pisan, pohara kacida, sakali nyirib bisa kasirib pohara. Hurang tembey, leutik, nya sok disebut ebi, udang anakna nu teungabadagan. Para nalayan, ngamnanfaatkeun ebi, pikeun tarasi, pakanan campuran pikeun parab liana.

Dilarapkeun kana Kala Sunda ku karuhun, nya pikeun nganyahokeun yen loba  keneh jalma alah batan manusa.

Ulah helok na kaghirupan  loba teunjadi ukuran, dawuhan Gusti na kitab suci, disebut busa, budah, buih, ngagunungna busa taya kakuatan.

Urang Sunda, paripolahna lain budah, loba tapi lemah.  Dina mars Siliwangi, disebutkeun,.. “Pasukan Siliwangi saeutik ge mahi..”. Kalimat silib eta, jero. Sababna nya wangsa Sunda panceg nuturkeun luluhur, karuhun. Babasan, Wana, Wawuh, Wanoh, Wani. Alam danelan Gustina sadaya janten pelajaran tur pangajaran.

Adeg adeg kapamimpinan, lain ku lobana Jalma, para pamimpin sakolana, nya nyipuh diri ngolah rasa., matak wanoh kana kamanusaan.

Pakusarakan, nya lemah cai, tanah air, ibu pertiwi. Ujaran Prabu,” Rawatan Pakusarakan, Paparan Sunda, nu jadi patempatan, Banjar Karang Pamidangan.

Tempat ngaping, ngatik, ngajaring, tur mageran, sanggeus jadi Manusa ulah balik deui jadi Jalma, matak Dajalma, nu paripolahna, kaluar tina tetekon kaManusaan.

Hilmahna, nya ulah kabobodo tenjo kasamaran tingal, ulah melak sugan nu jadina boa. Hurang tembey loba tapi taya harga. Wangsa Sunda loba tapi teuboga wiwaha. Kala Hurang tembey jadi paneling, panggeuing, supata seuweu siwi ka Prabuan teu kena ku owah gingsir. Lobana teu mere pangaruh na kahirupa, teu NGARUH, balikeun macana..matak HURANG.(*****