oleh

Sundanesia Pondasi Indonesia Emas (Keadilan, Kemakmuran, Keadaban ,Kemanusiaan)

Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung dan Tokoh Budaya Sunda)

WANGSA Sundanesia sadaya ngarasa ajrih sinareng kasengsrem ku hiji manusa nu tiasa ngenderkeun jagad, sinareng nyambuang wawangi kasabuder awun, nyatana Prabu Siliwangi. Fakta sajarah sareng kabukana spiritualitas nu parantos gumulung na dirina, jadi pamuka lawang pikeun wujudna rahasiah kamakmuran Sundanesia.

Adat budaya nyongcolang ngebrehkeun mistikna kamamkmuran Sundanesia, tetep bihari (baheula) peryogi dijentrekeun, jalaran ngait sareng unsur-unsur  awehan, ahengna daya fikir kaelmuan nu parantos janten adat budaya – paripolah-Sundanesia. Ningali fakta nu kuat,  patalina rarabi, patikahan sareng lungsuran raja raja tur ratu ratu di zaman Nabi Sulaeman As sareng Ibu Ratu Balqis.

Aheng, Ahung nya hiji kalimat dina Kamus bahasa Sunda, ngandung hartos, salaku sikap  kajiwaan – mental- ngancikna ka hiji manusa nu jadi panutan. Aheng nyatana kecap, kalimat, luhung kacida , nu tiasa janten pamuka lawang pikeun  rahasiah Adat budaya, pangaruh kajayaan Raja-raja Nusantara (Salakanagara, Tarumanagara, Galuh, Pakuwan, Pajajaran) d iwilahan SUNDANESIA GLOBAL  matakna Mendunia.

Salajengna nya ngait sareng zaman ka makmuran Bagenda Muhammad SAW di ahir Abad ka 6 , Awal Abad ka 7,  dimana Rarabina Prabu Siliwangi sinareng lungsuran – Dzuriat- Rasulullah saw. Ngawitan ti Jazirah -Timur Tengah-, Asia Selatan, Asia Tengah, Kaukasia, tug dugi Asia Tenggara.

Falasifah nu Aheng Sundanesia, dimana ngahijina, campurna , ideologi kamakmuran sareng Ageman kayakinan, Yahudi , Saba, Majusi , Jaisme, Hindu, Budha, Tao, Nasrani, tur Islam. Matakna Sundanesia jadi kawentar sareng ear sajajagad jalaran ngumangdangkeun ngaagungkeun kamanusaan, kaadaban, tur kaadilan.

Aura mistis, ” lungsuran Pinilih” tetesan getih bangsawan Kaprabuan, Prabu Siliwangi, kapatri sacara batin nu janten harepan wangsa, rahayat Sundanesia, nu matak ngahudangkeun kamakmuran Anyar.

Dunia Sundanesia, kiwari ngajirim mawa rancana anu rinci saperkara adeg-adeg kamakmuran, saparantos kabukana proses evolusi genetik – lungsuran- rahasiah tetesan getih Prabu Siliwangi.

Nyatana Prabu Kratina, magehkeun deui hiji bab pikeun ngaitkeun sareng ngahijikeun bab-bab saterasna, salaku bubuka “Rahasia Adat Budaya” zaman kamakmuran Sundanesia dibuku ieu.

Aura Mistik tina makna kalimat “Kratina”, baris kabuka dina ngaguar, medar, tikawit fakta fakta sajarah gumelarna Kaadaban Dunia Sundanesia, dikawitan ti zaman kamakmuran , nu dipupuhuan ku Prabu Sri Jayabupati taun 923 Masehi.

Ka Kaisaran Sundanesia gumelar, babareng zaman perang dagang antara Dinasti Islam Samaniyah di Persia (Iran) Raya, Teluk Persia, tur Asia Tengah, sareng Dinasti Seljuk nu sasarengan -saiketan- sami-sami ngancurkeun Dinasti Nasrani (Romawi) tug dugi Dinasti Yahudi Sasania…pun..pun. paralun

…cag!@ Abah Doct@DC

Bandoeng

21 Rewah 1446 H

22 Februari 2025 M

1959 Saka SUNDA

#Kabuyutan

#Adatbudaya

#Salakanagara

#Tarumanagara

#Galuh

#Pakuwan

#Pajajaran

#Nusantara

#NKRI

#SUNDANESIAINSTITUTE

Komentar