Ku Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung & Sesepuh Budaya Sunda)
GUSTI teh nyatana Sang Kuring Hiyang –Sangkuriang–‘ matakna Hiyang Samihaji, Da Hiyang Sumbi-Dayang Sumbi- , Sang Hiyang Tunggal, wanoh ka Gustina matak gaduh rasa tenang, tug dugi kana Pangrasana , Pangersana nu maha kawasa.
Dzat, Asma, Sifat, af’al Gusti nya gumulung dina damelana, matak Ranggawulung. Nembongkeun yen Gusti taya jarak sareng mahluk damelana. Aya soteh jarak, nya papada mahluk, tur patempatan.
Aya rumpaka sisindiran, “Cis kacang buncis encle/ dianggo lati kuda / Nu geulis ancla encle/ hayang wawuh jeung Kawula“.
Rumpaka ieu, ngajentrekeun yen sadaya mahluk damelan Gusti nu ancla encle di tujuh langit tur nu aya di bumi alam, endah katingalina, tur kukuh kana kadali Gustina, pami teupengkuh atuh planet2, bentang2 tiasa diaradu, berem matak euceuy, koneng matak mencrang, bodas matak nyacas , hideung matak hideng , jadi siloka , samping dodot para satria, berem, koneng, bodas, hideung, -amarah, lawamah, sawiyah, tur muthmainah-, tos tiasa dikadalikeun kudirina. Matak para satria tiasa ngadalikeun kumaha ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, sankan nagari walagri, rahayat waluya, wangsa wiwaha, nagara digjaya. Lembur matuh, nagara pageuh, jalaran dikawal ku para satria, tur ngajadi pager maneuh, nu mawa hegar kana manah. Gemah ripah, repeh rapih, loh jinawi, tata tentrem kerta raharja.
Sang Hiyang Widi nu mahawelas-asih, teungawilah-wilah kamakhlukna, ku mahawelas Gustina sadaya mahluk dipaparin hirup ku huripna, uteuk, tongo, walangtaga, genderewo gogodongan, rek eling rek ingkar diparin hirup dialam pawenangan ieu. Sumawona asih Gustina dpaparin ka manusa2, nu jadi utusan , tur ngaeujudkeun paripolah Gustina, matakna Rasul nu ngarasulkeun, nu nganterkeun Jalma ngajadi Manusa. Para Nabi sareng Manusa Suci, nu ngajentrekeun kasucian Gusti nu mahasuci.
Aya deui rumpaka nu nganterkeun, jalma jadi manusa,” Ja leuleu..ja /Tulak tujag eman gog/ seureuh leuweung bay/ jambe kokot bug / ucing katingal songsong ngek” . Rumpaka eta ngagambarkeun , pancen tugas rumingkang di Bumi-alam:
Ja nu kahiji, nya jalaliyah Gustina, yen sadaya mahluk digelarkeun tina lawang saketeng Gustina; Ja nu janten jawab, nya Jamaliyah Gustina, yen sadaya mahluk damelan Gusti Endah katingalina. Emen temen tos dipaparin konci (Kitab sucina) tur Tujag pamageuh, manusa2 suci mungguhing Gsti nu mahasuci, masih teuwanoh ka Gusti pangersana; tos wanoh atuh pancen amanat nepikeun bebeneran tur kahadeaan teh sing ngentep seureuh, lantip, mun tos tiasa lantip laeungkeun, geuro kajauhna; hiji mangsa, cunduk waktu dipundut ku Kersana (Batara Keresna), nya teutiasa nolak, bidak, ngora , kolot, ragrag tina kokot mayangna; matak kahade oaripolah teh ulah miuni ucing, Gusti teh dunungan sarerea, pajarteh Gusti bongoh, lengah, atuh aturan Gustina dirempak. Tunggul dilarud catang dirempak, antukna teueling ka Gustina, nya geus kosong, antukna katingali kosong nya kari ngek. Mulih kajati mulang kaasal.
Didunya ngarempak aturan Gustina nu murbawusesa, atuh mulangna kana bebendon Gustina, durukan dijieun kusorangan. Didunya teusawarga, ulah miharep sawarga nu engke,aherat…Cag!@Abah Yusuf //Doct//Kabuyutan
