oleh

Opat Huruf Nu Janten Amanah Tinu Janten Guru  Habib Alwi Kadhim Asseqaf

Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung)

Huruf Rajah nu janten Amanah

Ra ..Sin..Ya..’Ain.

Harfuldzar:

Ra, Ar Ra’uf Ar Rahim: penyantun penyayang.

Sin, Sama’ullah, cahaya Allah, Pangrungu Gustina.

‘Ain, al ‘Ainu minal ‘Alim, Gustina nu Maha ‘Alim; hiji manusa nu ngapimilik ilmu; ngelmu ka manusa ‘alim.

Ya, yadullahi fawqa khalqihi basithatan birrizqi subhanahu wa ta’ala ‘ammayusyrikun: Tangan Allah di atas mahluknya yang terbuka luas untuk memberi mereka rizqi, Mahasuci  lagi Mahatinggi Allah dari apa yang mereka persekutukan.@ Bagenda ‘Ali Ridho bin Musa as, kitab ‘Uyunul Akhbar (287-290).

Tarjamah Bahasa Indung (SUNDA) Ra. Sin..Ya..’Ain

Ra..nyatana Rasul, matakna Utusan , nu ngawujudkeun Welas Asih Gustina. Ku nganyahokeun yen Gusti teungamomorekeun kadadaya mahlukna nu panceg migusti ka Mantenna. Asma Ra’ufurrahim, ngawujud di Bagenda Muhammad saww. Anjeuna nujanten pelayan Gustina nu Mahaasih.

Sin..nyatana Gusti Mahangarungu, tinda gerentes usik malik mahlukna. Mahapangrungu. Pangrungu Gustina ngawujud di Manusa Agung nu jinunjung tur dimanusa nu Linuhung. Pangrungu Gusti ngawujud na diri manusa nu jadi utusana, nya nu ngapilik elmu Sabda Pangrungu.

Ya..nyatana Gusti parantos ngawujudkeun panangana dihiji manusa nu janten paripolah Gustina, matakna ngajadi Utusan Gustina, Dina ngawalatrakeun rezeqi nu janten hurip Gusti dinahirup tur minuhan pangharepan sadaya mahluk.

‘Ain..nyatana Gusti nu Mahaluhung. Asma ‘Alaya, ‘Ain Lam Ya,  Mahaluhung Gusti ngawujud di manusa nu janten pamukana lawang saketeng , nyatana Bagenda Muhammad saww sinareng nu janten pantona elmu kanabian, karasulan nyatana wujud di Bagenda ‘Ali as.

Ra .diwengku ku huruf Sin.

‘Ain diwengku kuhuruf Ya.

Paripolah Gustina nu Mahapangrungu ngawengku Manusa Agung , nu ngapilik Sabda Parungu   nyatana Bagenda Muhammad saww. Paripolah Gustina nu Mahaluhung ngawengku Manusa nu Linuhung, nu ngajanten panangan Gustina pikeun melaan pelayan Gustina, nyatana Bagenda ‘Ali as.

Muhammad ya Rasulullah

Muhammad ya Sama’ullah

‘Ali ya Waliyullah

‘Ali ya Yadullah Fawqa khalqihi.

Pum paralun ka Hiyang Rumuhun nu Ngawengku sabuder Awun.

Hampura nu diseja ka Hiyang Batara nu ngagelarkeun sadaya mahluk di genep alam.

Ya Muhammad ya ‘Ali

Ya Muhammad ya  ‘Ali

Ya ‘Aliyu ya Muhammad

Ya ‘Aliyu ya Muhammad

Rampes, nampi Abdi Gusti ieu Amanah.

Pancen lumampah tur lumaku.

Cag!@AbahYusufBachtiar