Ku Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung & Tokoh Budaya Sunda)
Parukuyan
Prak ruku na kahirupan (Hayan)ku hurip Gustina. Gerabah tina taneuh korang, nembongkeun yen manusa sami didamel ku Gusti tina taneuh (tembikar); eusina keusik laut, pasir lemes, pikeun amparan Ruhak ( Areng), keusik nembongkeun yen hurip Gusti saamparan basisir laut, anging Gusti nu ngapimilikna, aya babasan “batu turun keusik naek”, ieu silib ngajentrekeun kahirupan, hiji mangsa nu karolot , indung-bapa, pamangku Adat, pamangku nagara, wujudna “batu karang nu hirup, tiluhur sausap rambut, tihandap sahibas dampal”, hiji waktu bakal dipundut kunu kawasa , nyatana batu turun, waruga jasad bajal asup ka liang kubur, matak keusik naek, ngagambarkeun generasi penerus kahirupan di bumi alam.
Areng di beuleum nya jadi Ruhak, nepi ka ruhay, nembe menyan bodas tur hodeung dipurulukeun , ngukus hasepna ngelum mete seungit kasabudeur awun. Ruhak, Ruh anu Hak, nyatana Ruh Gustina nu hak, nutiasa mere Ruhay’- Ruh Hayat, Ruh Hayan- Ruh Kahirupan sadaya mahluk. Menyan bodas-hideung , matak kahirupan menyat, ajeug dina bodas, bersih, suci, sangkan hideng ka Gustina, jalaran geus apal ka RuhakNa tur RuhayNa, eta sadaya hurip Gusti nu mere hirup ku huripna.
Prak Ruku, rengkuh, tukuh, pengkuh dina tetekon Gusti nu mahasuci. Buka Pangradinan hiji-hiji siloka jeung silibna. PANGRADINAN. Panggihkeun, panggihan , RasulNa nu nyandak Din, matak Pangradinan. Aya Kendi tina taneuh korang (tembikar) dieusian cai herang tepi kana beuheungna, teras ditancebkeun, diasupkeun Tangkal Hajuang Hejo. Silokana yen waruga jasad 86 % cai sesana taneuh. Kendi, sadaya manusa, kedah kenal kana diri, wanoh kadiri, tumarima ka Gusti nu mahasuci, nu maparin cai suci nu jadi hurip pikeun hirupna manusa, toa wanoh kadiri, atuh teang luangna, nu nganggo Karembonh Hejo (Sorban Hejo), para nabi para rasul, sareng manusa suci mungguhing Gusti, matakna hanjuang hejo, yen kahirupan ngawujud, “Dingding ari nu ngadalingding sadaya gunung hejo ngemplok matak reueus kana panon nu nenjo”. “Sing saha nu apal kana diri, matak wanoh ka Gustina”, Eling salawasna.
Kalapa hejo dipapas diluhur ditumpangkeun gula berem dagandu. KALAPA. Kala teh waktu nya Para Prabu tirakat, beres tirakat, aya parentah nyandak cai sumur , dilangit teungagantung ka bumi teunapak. Nya cai kalapa. Cai suci papain Gusti nu janten hurip na kasucian. Kiwari cai kalapa tiasa janten landong, obat, ubar, malah mandar tiasa ngadetok energi negatif, tur nilaina sami cai infusan pikeun nu kakurangan cairan (dehidrasi). Dina kalapa aya kulit, aya tapas, aya batok, aya daging aya cai. Ieu mangrupa siloka nu jadi silib, yen jalan wanoh ka Gustina taya jarak. Cai kakapa ibarat Hakekat Gustina. Nembe weh tos karaos amisna cai kalapa, tiasa nyebatkeun yen Cai kalapa raos rasana, didieu nembe makrifat. Tarekat, tirakat, tirakah, jalan ka Hakekat Gustina, tos wanoh ka Gustina, nembe makrifat. Gisti gumulung jeung mahlukna. Tina daging kalapa, diparud, diperes, kaluar cipati, saripati , dipanaskeun janten minyak keletik (oil coconot) tiasa fianggo lulur jasad badan, pikeu ngaluskeun kulit Tiasa oge janten minyak goreng, minyak sesa panggorengan disebut “Jalantah”-Tah Jalan -. Aya babasan ngaos Kitab Suci Gustina, dibaca teudiamalkeun, teudiprakeun na kahirupan, teungarti-ngarti lir ibarat “monyet ngagugulung kalapa”.
Gula berem sagandu nu ditumpangkeun, jadi siloka, umpama tos wanoh ka Gustina, kedah tos gumulung sakumaha Gula jeung amisna , Madu jeung peeutna”. Wanoh ka Gustina hasil tirakat, laina gogoroeokan, malihan tos kedah tiasa ngaeujudkeun mere amis na kahirupan…
…Urang lajeungkeun dina Parukuyan ka-3 .
Cag!@Abah Yusuf//Dict//Kabuyutan









Komentar