- Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung)
Bubuy bulan.
Bubuy bulan..
Sangray bentang..
Panon poe..panon poe..
Disasate..
Unggal bulan..
Unggal bulan..
Abdi teang..
Unggal poe..
Unggal poe..
Oge hade..
Situ Ciburuy..
Laukna hese dipancing
Nyeredet hate..
Ningali ngeplak caina.
Duh itu saha..
Nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana.
Rumpaka nu dihaleangkeun (dilagukeun), mangrupa hiji pituduh, pitutur , tur jadi tuntunan. Ngajadi falasifah dina ngalaku tur milampah na kahirupan sapopoe.
Rumpaka eta tiasa janten ngandung dua makna: hiji makna ruhani, batini, langitan, metafisik, nya metafora; kadua makna dohir, wujud fisik, nu sifatna biologis.
Bubuy bulan. Saha manusa nu ngapimilik gelar bulan, nyatana kanjeng Rasul, Muhammad saw. Nyoko kana rumpaka wangsa Arab, “Anta Syamsun..Anta Badrun..Anta Nurun fauqa Nurin…”. Anta Badrun, nyatana Bulan.
Bubuy, dina bahasa SUNDA, hartosna dibeleum ku lebu panas , ruhak nu ruhay, Dugi ancur lebur ngajadi lebu.
Bubuy bulan nyatana ucap, laku lampah, paripolah Kanjeng Rasul SAW, parantos dilebur, dibubuy, dilengitkeun , ngajadi lebu. Lengit tampa lebih, ilang tampa karana. Matakna Ummat Kanjeng Rasul , mung dugi akuan wungkul, nepi kana genggerong, pating gorowok sadaya ngaku, tapi na paripolah patojaiah, malah mandar, kalimat, kecap kanjeng mung saukur babasan.
Pasalingsingan, beda harti, beda faham, beda kayakinan, antukna gagal faham, ngajadi wae pacengkadan, papaseaan, dugi sasama ummat, lain saukur silih bentar, malah mandar silih siku, silih ledot dugi ka silih tonjok, tur silih totogkeun. Sautak , saeutik bid’ah, sesat, syirik, musyrik. “Ampun Gusti, hampura janten jalma bodo teh ripuh”. Kumaha deui, nyaksen na kahirupan. Kanjeng Rasul, nyerangkeun ningali nu ngaku ummatna, nganjanten prihatin. Loba keneh nu ksasar lampah. Ageman, kayakinan, mung janten aku2an na biwir teudugi kana laku lampah.
Kitu sapamendak mah, ngamaknaan Buhuy Bulan teh.
Sangray Bentang. Kulawedetna Kanjeng , disebat Ashabika Nujum. Nujum hartos Bentang2. Ajaran Kanjeng Rasul nu paratos diwariskeun ka kulawedetna (Ahlilbayt), nu ngajadi Budaya na kahirupan parantos disangray, tutung geheng , jadi areng, tur lebur jadi lebu hideung. Bentang2 sakedahna mere caang diwanci poekeun, lantaran pituduh langit wanci peting teunembongan , nya wayahna loba nu kasasar. Bentang2 tos teutiasa dihontal deui, rek dituturkeu kumaha, keurmah resep cicing dinu poek, dibere caang laina atoh, malahan ngambeuk bari nyarekan, sosorongot, popolotot, ngarasa dirina nu pang hadena, pang akangna, asa aing “uyah kidul”. Batur, dulur, weh nu salahmah, dirina wungkul nu pangbenerna. “Ampun Gusti Rasul, geningan kulawedet Anjeun, nu parantos dijagi kasuciana ku Gisti Allah (QS. Al Ahzab, 33:33), malah mandar disangray, sakumaha peristiwa , ping 10 Muharram, Asyuro, Cucu Rasul, Baginda Husein dugi ka tunggel janggal. Geus teuwawuh ka kukawedet nabi, jajauheun kawanohmah. Geusmah teuapal, embung apal, antukna tikusruk kana durukan.
Panon poe..panon poe..disasate. Panon poe (Matahari , Syamsun), mung hiji duei, manusana nu gaduh nami , asma, sami sareng Kanjeng, nyatana Imam Muhammad al Mahdi af. Diurang SUNDA, Nusantara, kawentar Ratu Adil Sajati. Hiji deui pituduh nu nyata, mung saukur kapatri na jero hate. …urang sambung deui..
Cag!@ Abah yusuf Doct/ Kabuyutan














Komentar