Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung dan Tokoh Budaya Sunda)
SATO nu janten siloka na kahirupan, numutkeun tetekon Sunda aya 8 sato, diantarana nyaeta:
- Kebo (Munding)
- Embe (Kambing)
- Monyet
- Hurang Tembey (Udang Muara, Ebi)
- Keuyeup (Kepiting)
- Kalabang
- Cacing
- Hurang Tutug (Udang Dasar Laut)
Masing-masing sato, mere ciri, sifat, karakter , nu nempel na paripolah jalma, bisa macana 8 sifat eta diluhur, nya jalma robah jadi manusa.
KEBO
Kebo ngabogaan sifat: Bedas tanaga, Alus Gawe, Nurut, Akur jeung papada, Apal balik kandang, apal ka dunungan , Sok ngadat mun diheureuyan, bisa edan. Jalma nu boga tur tiasa maca sifatna nya bisa jadi manusa.
Aya babasan , nu janten silib, nu tiasa ngelingan sangkan apal kana jati diri.”Kebo mulih pakandangan, muncang labuh kapuhu”. “Wawuh munding (teudisebat wawuh kebo)”.
Kebo disababaraha tempat Kabuyutan, sok dijadikeun panumbalan dina ritual Adat Budaya. Misalna di Karaton Solo, Mangkunagaran, nu dipake Kebo Bule (Ki Salamet) , di masyarakat Adat Toraja , dipencit dina pesta adat. Kebo nu dipencitna bule atawa poleng, nya ngalambangkeun jalma jegud ( Manusa Sugih, Trah Raja , Bangsawan), …
KALA EMBE (DOMBA)
Paripolah embe, tara parebut dahareun, kadaharana dangdaunan, jukut, kararas, lukut dina cadas atawa batu. Susuna tiasa diperes kangge dileeut , protein, lemak, nutrisi otak, hirupna koloni, jalu hiji bikang bisa 50 dugi 100 embe, matak baranahan. Embe disebat oge, embe kacang, asli Nusantara, embe badot, etawa, ti India.
Embe sok diangge ritual adat budaya, akekahan (ngabageakeun gumelarna orok , embe jalu, dipitong pami orokna pameget, embe bikang dipotong pamiorokna awewe), diacara salametan ngadegkeun imah (bumi) anyar, dina ngarawatan huluwotan cai kahuripan, dina ritual khitanan, patikahan, tur dina ritual hajji (kurban), sakumaha Bagenda Ibrahim As waktos netegkeun kayakinan ka Gustina. Ismail as jadi tumbal, sareat Gusti, ngarobah wujud nya Ismail as salamet, embe nu dikurbankeun, dugi kiwari sareat, Adat Budaya Ibrahim as diangge.
Paripolah jalma jadi manusa, nu ngabogaan sifat kapamimpinan , nya disilokakeun, janten rumpaka (rumpaka riksa nagara): “Embe..embe .domba/ anak sapi tutunggulan/ Ema..ema wea/ si sahi kabuhulan /hayang diinuman./..Embe..embe..domba / anak sapi tutunggulan/ Ema..ema..wea/ beuleum cau tutung geheng..”.
Rumpaka ieu ngagambarkeun , paripolah jalma nu jadi pamimpin teu ajeg, gawena teu puguh laku..!









Komentar