Ari aqoid na iman
Eta aya lima puluh perkara
Dua puluh anu wajib di Allah
Dua puluh anu muhal di Allah
Hiji nu wenang di Allah
Jadi jumlah opat puluh hiji
Opat nu wajib di rosul
Opat nu muhal di rosul
Hiji nu wenang di rosul
Jadi jumlah na salapan
Salapan jeung opat puluh hiji
Jadi jumlah sadayana lima puluh
Wujud, qiddam, baqqo, mukholafatul’lil,hawadissi
Qiyamuhu binafsihhi, wahdaniyat, qudrot, irodat Ilmu hayat sama basor kalam qodiron muridan
Aliman, hayan sami’an basiron mutakaliman
Aya heubeul langgeung beda jeung sakabeh nu anyar
Jumeuneung kalawan dat na hiji alloh dina dat na
Hiji na sifat na, hiji padameulan nana
Kawasa kersa uninga hirup na
Ngadangu ningali sasauran bukti kawasa
Bukti alloh kersa nu uninga anu hirup na
Bukti nu ngadangu nu ningali anu ngadawuh
Jadi sadayana nu wajib dua puluh
Adam Hudus fana mumatsalah lil’hawadisi
Ihtiyaz Ta’adud ajju karohah
jahal maot somam umyum bukmum azijan
karihan
Jahilan maitan assoma a’ma abkama
Eweuh anyar ruksak sarupa reujeung nu anyar
Butuh kana tempat jeung butuh kanu ngayakeun
Bimbilangan dat na sifat na sareng dameul na
Apeus kapaksa bodo maot torek lolongna
Pireu bukti alloh anu apeus anu kapaksa
Anu bodo maot, torek, lolong, anu pireuna
Wenang di alloh na midameul barang nu mungkin
taya anu wajib midameul barang nu mungkin.
Sidiq amanah tablig patonah khiddib khianat kitman biladah
Bener kapercaya ngadugikeun reujeung pinterna
bohong cidera nyumputkeun tur bodo na
Wenang di rosul na sifat manusia biasa
kaya tuang leueut angkat kuleum sajabana.
Semoga bermanfaat















Komentar