Oleh: Abah Yusuf Bahtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung & Tokoh Budaya Sunda)
Ujaran karuhun, kaprabuan, fondasi pamingpin kedah gaduh tilu paningali:
Kahiji, Pamingpin kudu nurus bumi.Maksadna, pamingpin kedah apal kana ayaan hate rahayat nu keur susah. Susah keur dahar-dahar acan, boroning mikiran dahar keur isuk, malah mandar poe kuwari can manggih. Isuk rek dahar naon cang kapikiran. Aya nu bisa dahar poe ieu , isuk can tangtu. Numutkeun istilah ageman, nya disebat fakir. Umpama dahareun poe ieu geus nyampak, isuk masih kokoreh, hal ieu disebat miskin. Matak disebat “fuqoro wal masakin”. Hartosna, teu gaduh kasab, panghasilan. Rek migawe naon nu matak ngahasilkeun, saeutikna jang nahan beuteung ulah lapar. Loba keneh nu siga kieu. Supaya apal, persis, pamingpin ti kawit hulu dugi ka buntut, presiden dugi kaluah, kades. Kudu aya data nu nyata, ulahna laporan paloba-loba, fakir-miskin, supaya APBD keur BANSOS ditaekeun nilaina. Akurat nu nyata, tiap RT, RW, Lurah, Kades, Camat, Walikota/BupatiGubernur dugi Mensos tur presiden datana sarua. Kelompok, jompo, janda, yatim, yatim piatu, putus sakola, nganggur, tur dumasar kana umur.
Numutkeun teori mah, upami tiap 1 juta penduduk aya 100 urang nu teuboga kasab, disebutna salah sorangan. Tapi upami tina 1 juta penduduk aya 1000 urang, kasebutna aya kasalahan sistem, aturan nu teu napak. Mangga saliksik ku pamingpin, ti hulu dugi kahilir. Eta sapamendak mah yen pamingpin kudu nurus bumi.
Kadua, pamingpin kudu napak SANCANG. hiji pamingpin kudu apal, tiap tempat tur wilahan rahayat. Wilahan patani , wilahan nalayan, wilahan padagang, wilahan buruh, wilahan birokrasi, aparatur. Ka patani ulah ngajarkeun cara macul tur melak, tapi naon nu kedah dipelak tur masarkeuna, utamina saatos panen, cabe numpuk harga jadi murah, tomat numpuk harga murah jeng sajaba ti eta. Pituduh pasca panen, tur ngolahna dugi tiasa dipasarkeun nu maranti tur kaharti. Nalayan sumawona, ulah ngajarkeun ngojai, tapi ajarekeun kumaha cara menang hasil tangkapan nu loba, sarta pengolahan pasca hasilna, dugi pamasarana. Kahirupan padagang, dugi aya perbentenan, pasar tradisional vs pasar modern. Aya fasilitas nu kedah tiasa nyumponan , hasil tani tur nalayan ulah dugi kaburuk jadi runtah. Kaayaan buruh, ieu kedah dipilah oge, salian tidibagi 3 waktu, nya panempatan pagawena. Awewe digawekeun sip bagian peuting, aturan kasalametan pagawe tos aya katangtuan, mung praktek dilapangan kumaha. Kalebet standar gajih. Kaayaan birokrat, tugas birokrat fungsina layanan supaya kawijakan tiasa enggal laksana. Nuremen kajadian, misalna aya surat penting tiaspirasi rahayat kabolerkeun, sabalikna tipusat oge kadang kahambat. Nembe hiji administrasi surat, tacan program liana. Penempatan personal tur struktur gajih, kadang teusesuai. Nugawe sigap turganjang digajih sarua jeung gawe lengle tur kaleked, jalaran sistem kapangkatan nu sarua, hal eta bisa nimbulkeun masalah dijero birokrasi.Hal eta, nu disebat pamingpin kudu napak SANCANG, laina pamingping kudatang kaleuweung atanapi basisir Sancang.
Katilu, pamingpin kudu joma megantara, jadi papayung agung nagara. Ulah dipilah-pilih, ku suku, ras, tur ageman. Paming ulah cueut kanu hideung , tur ponteng kanu koneng. Sadaya manusa damelan Gusti, kedah dipayungan , dilindungi ku hukum tur aturan nu nyata. Uteuk, tongo, walangtaga, genderewo gogodongan, rek iman rek kafir sadaya umat Gusti. Pamingpin salaku papayung agung , nya ngaping ngatik, ngajaring, tur mageran. Kiwari masih keneh aya tur karasa, aya keneh dina kaeijakan ku alesan SARA.
Kitu rupina kamandang, tur sapamendak kuring, yen paming kedah gaduh sifat dasar nu tilu. TRISULA…pun..pun..tabe pun..Cag! @Abah Yusuf Doct








Komentar