Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung dan Tokoh Budaya Sunda)*
Kirab, pawai, kiwari nya ngahudangwayangkeun, matak siloka nu dianggo nya Makuta Bino Kasih (Bina Kasih), warisan Prabu Siliwangi Pajajaran Anyar, Prabu Raga Mulya Suryakancana (1557), Puseur Pahajaran nya Kota Bogor Kiwari (Biharina, Kedaton, Karaton), nu nampi amanatna nya Prabu Geusan Ulun (Sumedanglarang). Prabu Raga Mulya Syrya Kancana, miang ngahiyang ka Sancang, Kabuyutan Nagara , Gunung Nagara, nuturkeun luluhurna, nya Sri Baduga Maharaja Rakeyan Sancang (Syekh Malik Abdullah Hind). Eta makuta BK, simbol nu kahiji. Kang Dedy Mulyadi (KDM) nganggo Raksukan sarwa bodas, ti luhur sausap rambut tihandap sausap dampal, diarak, direnceng’renceng, ngangge Kareta Kancana, nu dipoles ku semprotan emas. Kuda nu dipake Kareta, nya kuda Bodas, Para panganterna, Bupati, Walikota, nganggo Kuda Hideung tur Kuda Berem. KDM (Gubernur Jabar) jadi simbol kadua dina arak-arakan. Dipirig ku para pangiring, nu mawa tatabeuhan, matak ear.
Dua simbol eta diangge, sangkan nyurup, nyarupaan, ka Prabuan. Rahayat Jawa Barat, 27 Kabupaten-Kota, ngabageakeun kurupa-rupa cara tur mere ciri. Acara puncakna nya di Gedong Sate (Gedong Sahate), nembongkeun yen Pamingpin jeung Rahayatna Sahate, Saiketan, Sabeungkeutan, sacangreud pageuh, sagolek pangkek, kacai jadi saleuwi sangkan ngahiji, kadarat jadi salebak matak ngadi tapak.
Benten sareng bihari, tisuklak tisikluk harita, nya rawe-rawe rantas, malang-malang putung, hulupis kuntul baris, mawa pakarang tur banda timasing-masing patempatan, ngabelaan Prabu Raga Mulya Suryakancana, nu digempur ku pasukan Portugis. Sakaol, sajarawan percaya, yen nu ngaburantakeun puseur Pajajaran ti Muslim Banten, Muslim Cirebon, tur ti Demak, cutatan ieu versi panjajah Portugis, nu ngabelah Rahayat Pajajaran sangjan teungahiji, devide et impera. Belana Rahayat nu dipimpin ku para Menak ( teureuh, trah) Prabu, ngaleut ngengjeuy ngabandaleutnaka Kadaton Pajajaran Anyar (Bogor Kiwari). Kajadian dirurugna ku Pirtugis ti opat penjuru, ku marieum 12 meteran, sakira 200 marieum. Buyatakna Kadatuan, hulu balang, pangawal, tur rahayat nu bela dugi peugat nyawa. Marieum si Jagur ( nu di Banten) , jadi bukti yen kajahatan Portugis moal dipohokeun ku in buyut, seuweu siwi Kaprabuan. Peristiwa belana rahayat ka pamingpin, dicutat dina karya sastra, Aleutan Menak,Soeria Diradja, Panjoengsi Basa III, 1933.
ALEUTAN MÉNAK
(Soeria Diradja, Panjoengsi Basa III, 1933)
-Lirik Sastra Lisan ieu, sapalih aya dina lirik lagu “Maripi” Darso-
Burudul ménak ti kidul,
iringan para tumenggung,
candakna angklung jeung degung,
tutup kendang kulit lutung,
dirarawat hoé wulung,
dipirig ku hujan subuh,
ditepak kunu jarangkung.
Burudul ménak ti kaler,
iringan para dipatén,
candakna topéng jeung ronggéng,
tutup kendang kulit banténg,
dirarawat hoé loréng,
dipirig ku hujan soré,
ditepak para cawéné.
Burudul ménak ti wétan,
iringan para kumendang,
candakna parabot perang,
tutup kendang kulit kidang,
dirarawat hoé belang,
dipirig ku hujan beurang,
ditepak ku para lanjang.
Burudul ménak ti kulon,
iringan para kaliwon,
candakna parabot barong,
tutup kendang kulit méong,
dirarawat hoé condong,
momotna hatong jeung rangkong,
éar nu pada narongton.
Hudang deui Aleutan Bihari nya jadi Kirab kiwari. Urang Sunda Mekar nu motekar matak mawa beunghar. Urang Sunda Hudang makalangan matak jadi pamuntangan.. Karuhun, rumuhun nyarengan, Gusti nangtayungan. Rahayu..rahayu…Cag !@Abah Yusuf//Doct//Kabuyutan









Komentar