oleh

Bentang Sulintang

Oleh: Abah Yusuf Bahtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung)

Rumpaka saparantos Bubuy Bulan, nya diteraskeun kana Bentang Sulintang:”
Baranang Bentang Sulintang
Dilangit Jurit di Kalang
Ngajega ngajega Putra Pertiwi
Mimiti..
Gaurna Maung Bayangan
Siliwangi ngadeug di Tasik
Melitna ati tug ka kiwari
Siliwangi Digjaya tur Setra
Jadi wawangi sa Nusanrara//

Baranang bentang Sulintang
Di langit jurit mikalang
Ngabiur sampiur ka Alak Faul
Jangjangna jangjang sorangan
Nyeri perih geus kapanggih
Sangsara badan geus karandapan
Hayu urang ngapung ka manggung
Bentang Sulintang Geus ngadagoan//

Ref…bait kadua.

Sakaol, Bentang Sulintang, ngandung hartos kulawedet Nabi SAW (Ahlulbayt ).
Baranang Bentang Sulintang
(Parantos natrat Kulawedet Nabi SAW)
Di langit jurit di kalang
(Sadaya penghuni langit parantos ibur, uninga ka Kulawedet Nabi saw)
Ngajega ngajega Putra Pertiwi mimiti
(Para Putra Pertiwi parantos ngadeug, gumelar nu ngawitan, ngawalan)
Gaurna Maung Bayangan
(Bagenda Ali as, gelarana Haidar, Maung parantos ngageuro , umajak)
Siliwangi Ngadeug di Tasik
(Manusa Muliya, nu nyebarkeun wawangi paantos ngadeug deui, nu umajak ngamulyakeun kamanusaan)
Meltna ati sanu bari tug kakiwari
(Manusa muliya parantos ka patri na ati sanubari dugi kiwari)
Sulwangi Digjaya tur Setra
(Manusa muliya nugaduh kaDigjayaan tur Satria)
Jadi wawangi sa Nusantara
(Numatak nyengitan, ngamuliyakeun sa Nusantara)//

Baranang Bentang Sulintang
(Parantos naratas Kulawedet Nabi SAW)
Di langit jurit mikalang
(Sadaya panghuni langit ngiring belasungkawa)
Ngabiur sampiur ka Alak Faul
(Melesatna manusa muliya, Bagenda Husein As , manusa cahaya dugi ka langit pang jauhna)
Jangjangna jangjang Sorangan
(Hiber ngango jangjang cahaya paparin Gusti kana cahayaNa nyalira)
Nyeri perih geus kapanggih
(Nyerina tur perihna parantos kahontal)
Sangsara badan geus karndapan
(Ruksakna waruga jasad tos kaalaman)
Hayu urang ngapung ka manggung
(Geura saged ngaagungkeun Gusti Hiyang Agung nuturkeun manusa agung tur manusa linuhung)
Bentang Sulntang geus ngadagoan
(Kulawedet Nabi SAW. Parantos nganti manusa-manusa nu micinta Marantena)

Cag!@Abah Yusuf//Doct//Kabuyutan

Komentar