Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung dan Tokoh Budaya Sunda)
KECAP rasa, nu lumrah, ilahar , jadi ucap na kahirupan sapopoe. Kumaha rasa gula, madu, uyah, bubuahan, jse. Upami kitu, nyatana rasa eta aya dimana. Matakna letah (lidah). Aya rasa amis, haseum, pait, peuheur , pahang, cawerang , leeur , krseud, palal..jse. Dina tuangeun, diujina ku letah eta sadaya rasa.
Kecap Rasa, nu dibantun ka jero hate, eta jalma teu boga rasa , sakitu dicarekan , diumpat, difitnah , dipikangewa , diapilainkeun, disingkahkeun, dihina, dibuli , dibobodo, ditenggeul, dipaseaan, diperangan…jse. kecap rasa eta tiasa dilarapkeun kana hade tur awon. Sifating manusa, nu nyipuh diri ngolah rasa kuelmu pangaweruh, elmu panemu jampe pamake , laina elmu panimu jampena teukapake. Tiasa dibentenkeunn na rengkak paripolah. Saacan nyarios kanu lian , dipikir hela , dibulak balik, dibeuweung diutahkeun. Upama nepi kana rasa , nyarios, ucapan , tindakan, moal saengangna.
Kiwari tos natrat, eta jalma korup (koruptor) teh , disebatna tos teu boga rasa kamanusaan. Rarasaana artos ti APBN, APBD , tur sumber liana, nya nu tiasa dikapimilik ku soranga , tangtu rupa-rupa carana sangkan bisa ngarampog. Rasa kamanusaan tos teuaya, pamohalan dipenta tanggelwaler , tanggungjawab, ceuk rasa maranehnamah teungarasa maling, matakna aya Auditor, BPK , KPK..
Rarasaan mah teu maling, teu nipu , teu ngabohong, saumpama eta manusa lain jalma, nya wengkuna lain rarasaan , tapi aturan hukum adminstrasi kauangan nu dijadikeun ukuran atawa patok. Akibat make rarasaan, nya keuna kuhukum, antep weh supaya karasaeun. Tong ngantos hukum kaadilan Gustina , ahir atamah engke , isuk jaganing geto. Kiwari ku hukuman dunya wae ukurana.
Mungguhing sifat jalma , kitu teh nya disdbat oge teubiga rasa-rumasa. Dipercaya ku rahayat , ku presiden , ku atasan, kubawahan, malah mandar hianat nu aya. Sifat jalma no tos teuboga rasa.
Rasa diri , gegeden , luhur kuta, gede dunya, poho kana tembah wadi, asal muasal. Dawuhan Kanjeng Rasul SAW. aya tilu hal nu jadi sifat jalma munafek: 1. Nyarita bohong; 2.Jalir kana jangji (sumpah); 3. Dipercaya nya sulsya (hianat). Tilu hal eta tiasa janten patokan na laku lampah.
Pangrasa Gustina, Pangrasa Kanjeng tur Pangrasa Manusa nu parantos asak rasarumasana , pasti eta nganterkeun ka pangrasana.
Ari nu diseja ka Allohan. Ari kurunyung ka Muhammadan. Ari nu diseja ka Muhammadan kurunyung ka Adaman. KaAdaman nya kamanusaan. Ka Muhammadan didiei nya nu nepikeun Rads ka Pangrasana (Gustina). Nyatana Rasa Ingsun ntya Rasa Muhammad. Rasa Muhammad nya Rasa PangrasaNa (Rasa Gustins), Sampurna ning ingsun nya kanjeng Rasul Muhammad SAW, matakna kedal ucap SAMPURASUN….cag! RAMPES….pun..paralun..tabe pun @Abah Yusuf Doct#Kabuyutan











Komentar