Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung dan Tokoh Masyarakat Jawa Barat)
JALAN kamanusaan sakumaha amanat UUD45 , tugas presiden nya jadi papayung Nagara Bangsa, sakumaha parentah sila kadua Pancasila, ngadegkeun kamanusaan nu adil tur beradab, matak wujudna Persatuan Indonesia, ngahijina Papayung nagara jeung rahayatna. Aya pasila faham, wajar da manusa, masih bisa disawalakeun, musyawarahkeun dina majelis nu wijaksana.
Kawijakan papayung nagara, presiden, nya kedah kana ngawangun Kaadilan Sosial pikeun sadaya rakyat Indonesia, lain pikeun nagara deungeun.
Papayung nagara jeung rahayatna sauyunan ,sabilulungan, sauntuyan, sarendeuk saigeul, laina cul dogdog tinggal igeul. Wawuhna papayung nagara reujeung pamingpin nagara lian, ulah teupi kamohokeun kaayaan rahayat nu keur diheuyeuk sangkan walagri. Nagari walagri, rahayat waluya, wangsa wiwaha, nagara digjaya. Hade jeung pamingpin lian nagara saukur wawuh tur maranehna aya kapentingan- kapentingan nu kadang nyiliwuri.
Akibat kawijakan nu salah lengkah akibatna ngarugikeun rahayat sorangan , nya kudu disinglar.
Jadi papayung nagara, ulah kapihanean ku kuda berem, panjajah nagara deungeun , Dajjala Trump, lain manusa, matak paripolahna agresor, naon urusana sok hayang ngatur-ngatur, ngutak ngatik kadsulatan nagara batur, kulantaran ngarasa diri presiden AS. AS teh nagara federasi, paningpina aya ditiap nagara bagian. NKRI mah laina nagara bagian, federasi, ti AS. Jadi NKRI, tetep boga kadaulatan sorangsn, teukudu pamingpin nagara lian pipilueun ngatur. Pamingpin jeung rahayat ngahiji, matakna nagara kuat. Kakuatan nagara lain saukur dinaleungeun sagilintir elit politik, tapi rahayat nu waluya baris nguatkeun NKRI
Pasalingsingan diwilahan para ahli fikir, ulah dugi kanyered karahayat nu teubisa dibawa mikir. Lain hade malah mandar rahayatmah makin bingung. Boroning mikir kaayaan nagara deungeun, kaayaan nagara RI, kaayaan diri sorangan geus hese. Mikiran keur dahar sapopoe, mikiran keur biaya budak sakola, mikiran jang biaya kasehatan , diwanci kiwari malah tambah werit. Kuru telih kentel pejit, dina ngajalan tirakat , aya maksud tujuan. Tapi kuru telih kentel pejit akibat kaayaan werit, akibat jalma korup, matak rahayat wangkin jumerit.
Rahayat teunyahoeun BOP , nu nya kumaha Biaya Olangan saPopoe. Siraman rohani laina teumatih, lantaran nu lapar peujit. Pidato reang oge, hamo ngadenge, nu didenge nya numatak mawa kana karaharjaan, pidato nu kahartosmah matak karaos.
Buriakna rahayat nu ngantri dahareun wangkin loba, keun weh ngantri bensinmah keur nu ngapimilik kandaraan. Ngabring pairing iring loba nugering. Hiburan dibutuhkeun pikeun ngabangbalerkeun kaayaan diri , keluarga.
Manusa-manusia pilihan Gusti nu mawa gumati, matak kapatri na ati sanubari.Presiden Prabowo Subianto , salaku papayung nagara kudu ajeug beka rahayat, lain malah bela Dajjala Trump , kan Presiden NKRI Prabowo dipilih ku rahayat Indonesia, lain ku si Dajjala Trump. Jadi tumut teh kana kahayang rahayat lain kana kahayang Dajjala Trump. Heu….!!!









Komentar