KAISAR Napoleon Bonaparte, kawentar salaku sosok jenius tur gaduh kamampuan komunikasi transendental , tiasa ngobrol sareng mahluk-mahluk Astral (Banul Jin) disagala tempat, kalebet Alien. Kamampuan nyusun rumusan matematika quantum sareng tiasa nyiptakeun metode Egiptology, ngabukakeun kode-kode rahasia aksara bahasa Mesir, Yunani, tur Romawi.
Sosok Kaisar Napoleon, ahli diwidang Arkeologi tur Epigrafi, nu tiasa muka kode rahasia prasasti-prasasti milik Karajaan Kuno Sadunya. Napoleon berhasil nyikapkeun rahasia , misteri Batu Roseta tempat nyimpena Peta Jalur Laut rahasia ke Kaisaran, karajaan-kerajaan Sundanesia taun 196 satacan masehi (SM). Prasasti kuno nu didamel ku pandita-pandita Ahli Hieroglif sareng Demotik, milik Dinasti Pitolemaik, nu kapanggih taun 1799 M di Kota Rashid, Mesir.
Kabukana kode-kode rahasia prasasti Batu Roseta, tiasa ngalungsurkeun mesin sensor mikromekanik salaku sirkuit terintegrasi. Desain, pola aksara kuno raja-raja Pitolemaik Mesir , kiwari jadi dasar rumus Fisika Quantum, nyatana mikroteknologi nu tiasa ngadeteksi energi kristal, berlian, emas sarta mahluk-mahluk Astral Alien.
Diciptakeuna alat Wafer Silicon nu fungsina mirip kode-kode rahasia aksara di Batu Roseta, ahirna tiasa ngajelaskeun, yen sadaya karajaan kuno, dibantu ku “Konsultan Kriptid”, atanapi mahluk mahluk Astral nu nyarumput. Patung mitologi Spinx di puncak Piramida Giza, diyakini ku Napoleon salaku alat sinyal mikromekanik kuno pikeun ngirim tur narima jasa jasa konsultan ti mahluk Astral Kriptid ditiap planet-planet antare Galaksi.
Kahebatan eusi kode aksara rahasia di Batu Roseta tacan diumumkeun, nyatana gambar siloka lancah (laba-laba). Siloka Lancah mirip oge sare ukiran Batu Ciaruteun milik Kaisar Tarumanagara. Kelompok penyembah mitologi Nordik Skandinavia oge gaduh siloka Lancah nu sami. Hiji mitologi Bergisar raksasa gunung disilokakeun ku Lancah.
Tina 7 batu Prasasti Tarumanagara nu kapanggih, 6 prasasti nu motip tulisana, ngabentuk suku Gajah, aya oge nu motifna Tapak Suku Manusa, mung hiji motif siloka Lancah, tacan tiasa ditarjamahkeun hartosna dugi kiwari. Naha aya hubungan kode kode rahasia eta sareng Aksara Cawan Emas Lebak Cawene Pajajaran Anyar? Sakait saha Pamuda Gagah, manuk Gagak, sareng Aki-aki Janggotan nu dina Wangdit, uga Siliwangi? Sareng Sosok Astral “Kriptid”.
Kadang wargi dugi kiwari, siloka eta tacan tiasa kabuka, ku para ahli Sundanesia, nembe tiasa ngungkap silib siloka , numana eusi jero, maksudna sadaya tacan jentre. Masih miateri…Cag! Rampes
@Abah Doct@DC
Bandung
27 Rewah 1446 H
28 Februari 2025 M
1959 Saka SUNDA
#Kabuyutan
#Adatbudaya
#Siliwangi
#Salakanagara
#Tarumanagara
#Galuh
#Pajajaran
#Nusantara
#Nkri
#Sundanesiainstitute









Komentar