oleh

SUNDANESIA

Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung)

HALEUANG Doel Sumbang, ngelingan ka Urang (Wangsa) SUNDA.” Urang Sunda kamarana..Urang Sunda dimarana..Urang Sunda urang mana…Urang Sunda Anjeun saha…”. Lirik kalimat eta nu apal maksudna nya Kang Dul. Namung urang Sunda sadaya tiasa ngaregepkeun naon nu dimaksad.

Tata titi tindak tanduk duduga sareng prayoga, nu janten patok adeg-adeg rupina tos seeur kaluli luli malah mandar karempak tur dirempak. Taliparanti luluhur tos seeur nu teuapal, angot teuapal, cilakana embung apal, antukna mawa karep sorangan. Kamarana, panutan Sunda, satria Sunda. Teuneung ludeungna Satria Sunda, nu diagemna nya , Tetep renggeneuk Panceug na galur bebeneran, pengkuh tur rengkuh, teulanca linci luncat mulang. Dimarana? Aya nonoman sumping ka Abah, naroskeun, bah Urang Sunda Kamarana, Dimarana, nu kumaha?

Naha urang Sunda teh Urang Baduy ( Luar, Jero), Sunda teh sakumaha Sunda Wiwitan, di Cigugur Kuningan, Cireundeu-Cimahi, Cikondang -Pangalengan, Kabuyutan Naga Salawu, Kabuyytan Ciptagelar-Gelar Alam, Kabuyutan Cipta Rasa, Kabuyutan Cipta resmi, ..tur kabuyutan nu liana. Nonoman ningalna nu nyata, fakta yen nu masih ngarawat taliparanti dugi kiwari nya dulur2 nu disebat tadi. Abah ngadongengkeun sajarah Tarumanagara, Salakanagara, Pajajaran Raya, Galuh, Galuh-Pakuwan (Pajajaran Anyar), cindeukna ngabahas ka Prabuan dugi zaman Republik. Tuwuhna inohong Sunda kucara tur gaduh ciri sewang sewang.

 Urang Sunda mah asihan, darehdeh, daria, tur gaduh ajen sareng ngajenan. Untung aya keneh nungarawat Seni Buhun: Wayang Golek, Silat, Angklung buncis, Gembyung (Terbangan), Kuda Kosong, Kuda Renggong, Debus, Kacapi Suling..jse.

Nonoman, duh timana hela nya. Saur Abah, ti diri salira hela. Kedah apal ka ibu rama, nini aki, Buyut, Bao, Udeug udeug, janggawareng, tatalisuwur, seuweu siwi, sekeseler ( ranji, silsilah, rundayan luluhur), muhun mung apal dugi ka aki, buyut tos teuapal. Kitu saur nonoman. Tos atuh urang rautan basa, kasasama, kasaluhureun, kasahandapeun, cacarakan, sisindiran, sastra, silib , siloka. Duh bah euyeub pisan. Rupina moal kawadahan. Saur Abah, Pok Pek Prak wae, nu hade tuturkeun , paripolah goreng singlar.

“Eling eling mangka eling/ Rumingkang di Bumi alam/ Darma wawayangan bae /Raga taya pangawasa/ Nafsu nu matak kaduhung/ Badan anu katempuhan…

Cag!@ Abah Yusuf Kabuyutan

Komentar