Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung dan Tokoh Masyarakat Jawa Barat)
Ampun Paralun Ka Rumuhun Nu Ngawengku Sabuder Awun
Pamangku Nagara RI—presiden, gubernur, bupati, walikota— sakedah ningkatkeun kawaspadaan, sakait pangaruh peperangan di Timur Tengah- IRAN vs AS-ISRAEL-, nu matak ngabalukarkeun rusakna tatanan kahirupan di bumi alam.
Katalangsarana rahayat wangsa Indonesia, tiasa ngalumpuhkeun ekonomi NKRI, akibat BBM naek taya kadali, salah kawijakan , malah mandar sagala sembako naraek, balukarna kamampuan daya beli rahayat menengah kahandap nu paling loba nya wilahan perkotaan. Rahayat pedesaan teuaya artos tapi tuangeun aya. Rahayat kota, tuangeun werit, nu boga duit bisa meuli tapi barang nu rek dibelina leungit. Kelompok kapitalis baris nanggung akibat kuamukan rahayat miskin tur nu kalaparan. Saumpama, kondisi ieu teuenggal diatasi antukna rahayat tiasa ngamuk, kelompok kelompok preman, bandit-bandit unyil bakal nyeuweu dimamana. Tantara, polisi, dina nyangharepan situasi panik, baris mateni rahayat nu nyieun karusuhan, leutik tur badag.
Rahayat bisa ngajarah lain ukur kapertokoan, tapi ka warga nu diduga jalma jegud, elit, kaimah maranehna bakal diranjah. Aparat baris nembakan para penjarah.kondisi eta teu tiasa diantep hamo disinglar.
Pamarentah nu dipiharep ku rahayat , nya ngaronjatkeun swasembada pangan , ngawangun leuit ditiap desa tos tiasa ngadeg. Bulog bakal bubar, jalaran sumber produksi beasna teuaya, matak nu diperkuat sabilulungan rahayat desa.
Dua sasih kapayun, April, Mei , teukaatasinya di sasih Juni, rahayat sangsasara beuki nambahan. Pamarentah bakal dihujat ku rahayat, tur papaseaan baris rongkah. Rahayat teu butuh sawit, nu dibutuhkeun beas tur bahan pokok liana. Rahayat teu butuh siraman cairan kimia jeung gas airmata. Nu dibutuhkeun ku rahayat siraman leteran BBM, beas, tur tabung gas.
Kapercayaan rahayat ka pamarentah baris nyata umpama siraman BBM, beas, gas kacumponan. Kamampuan pamarentah kawates kuanggaran. MBG tiasa gagal ditengah jalan tur tiasa eureun.
Dua sasih kapayinna , Juni, Juli, masih keneh teukakadalikeun nya 17 Agustus 2026 poe kamerdekaan , jadi momen poe perlawanan rahayat nu miskin tur lapar, balukarna rahayat barontak. September wanci kelabu baris muncak nu antukna pamarentahan runtag. Ganti pamimpin nagara lainna jalan nu hade, malah mandar rahayat bakal buyatak.
Mangga urang sadaya sing caricing pageuh kancing, singsaringset pageuh iket. Jaga persatuan, sabilulungan. Kabuyutan sa Nusantara ngajadi benteng wangsa katut nagara, pikeun nanjerkeun Nusantara Jaya- Indonesia Digjaya (CAG@ ABAH YUSUF, KABUYUTAN)****









Komentar