Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung dan Sesepuh Masyarakat Jawa Barat)
Rahman Gustina teungawilah-wilah mahluk damelana, uteuk, tongo, walangtaga, genderewo gigodongan, rek iman rek kafir, rek taat rek wangkelang dipaparin hirup ku hutipna. Rahim Gustina kawates ku katangtuan Gustina. Gusti baris mikaasih ka saha wae nu mikacinta kakasihna tur kakasihna mikacinta kamaranehna.
Gusti parantos ngutus Manusa-manusa nu janten patok, tetenger kamanusaan. Wiwitan Adam aa, nya Batara tunggal , Syist as, Idris as, Nuh as, Ibrahim as, Musa as, Isa as, Muhammad SAW. Sadayana dijantenkeun patok , pikeun ngaagungkeun kamanusaan. Ugeran Gustinna diwujudkeun ku marantena, matak ngajdi Ajaran, Adat Budaya. Dinusantara ugeran sareng qjaran, qdat budaya, ku para Prabu , Parahiyang, Guruhiyang, Parabatara, Parabatari, para Guruhiyang -Resi-, para Sunan, Parawali , kumarantena durawat kawit Ugeran, Ajaran, ngajanten Ujaran ( Uga, Ramalan, Pitutur,) aya nu ka tulis aya nu kalisankeun , aya nu teukatulis tur teukalisankeun nyatana aya dina Ritus, Ritual, sareng Pangradinan tur sasaji.
Teks sareng konteks. Urang rada sesah neleban teks, umpa teuapal konteks. Umpana kecap Prabu Jaya Dewata:..”..Sacunduk ngaing ti Parasi, lalayaran di sagara , tunggang gunung , turun gunung, rek najerkeun bebeneran..” ( Abad 13 M). Parasi , nya Persia, IRAN kiwari . “. .Hiji waktu bakal aya halido tujuh warsih (taun) matak adegkeun leuit Salawe jajar -625 leuitl.” Kapasitasna 11 ton pare ranggeuy. “…umpama Gunung Gede ngabeledug, baris dituturkeun ku tujuh Gunung. “.
Sumangga urang sungsi eta kecap, Uga, Ujaran, supados urang salaku penerus teukasasar antukna kasar nya lampah.
….bubuka
Cag ! Rampes@ Abah Yusuf//Doct//Kabuyutan









Komentar