Oleh: Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung dan Tokoh Budaya Sunda)
SAJARAH kamanusaan sapanjang zaman. Gusti nu murbeng alam, salawasna teulepas kadali kasadaya mahlukNa. Nabiyullah Adam as sareng BabuHawa Sulbiyah, nu janten cikal bakal manusa generasi kaadaman.
Kaadaban kamanusaan tur kaadilan parantos natrat. Ugeran Gusti nya wujudna para Nabi sareng para Rasul nu janten utusan tur ngajadi paripolah sakumaha kahayang Gustina.
Gusti salawasna teu dolim ka mahlukna, kamanusa. Obor kamanusaan tos dihurungkeun teu make sumbu. Caangna sabuderawun teumake lantera. Nabi tur Rasul nu ngaping, ngatik, ngajaring, tur mageran , sangkan manusa eling kagustina , mahana nu sajati -MANUSA-. Satiap kelompok, kafilah, kaum, umnat, wangsa , Gusti ngutus , hiji manusa nu maparin pituduh dina enggoning kahirupan, sangkan tiasa hirup mawa hurip.
Satiap pamimpin ngagaduhan wakil, wasyi khalifah, pon kitu deui para Nabi tur Rasul.Kapamimpinan kamanusaan laina kahayang diri, tos janten titisan tur tetesan Gusti nu mahasuci, Hiyang Widi Wasya.
Adam as diteraskeun ku Syist As. Nuh As diteraskeun ku Yakef As dugi ka Nusantara. Ibrahim As, Abraham, Brahmana diteraskeun ku Ismail As-Ishak As. Di Nusantara nu ngagem nuturkeun Ibrahim As-Ismail As, nu ngarudaykeun 12 Raja raka Tarumanagara. Ibrahim As, nu kengeng gelar Imam nu ngawitan, imam kamanusaan. Di Nusantara aya cutatan, Generasi Ibrahimi tur Ismaili. Agemana ka Hiyang Tunggal, Hanif, Sumerah ka Gustina.
Nabiyullah Musa As diteraskeun ku Harun As tur diteraskeun ku 12 wasyina. Nabiyullah Isa As bin Maryam binti Imran as oge diteraskeun ku 12 Wasyina, muridna, hawariyun , atanapi 12 Raja. Bagenda Muhammad SAW duteraskeun ku 12 Wasyina, khalifahna nu awal Bagenda ‘Ali As nu ka 12 nya Bagenda Muhammad al Mahdi af. Di Nusantara, Imam Mahdi kawentar Ratu Adil Sajati, Satria Pininggit Sajati, Aki Panunjuk, nu nyumput buni dinu caang.
Seren taun, seren sumeren kapamimpinan kamanusaan ti Bagenda Muhammad SAW ka Bagenda ‘Ali As, dina wanci saparantos pelaksanaan Haji Wada, haji paturai tineung, sawarsih satengah sateuacan Bagenda Muhammad SAW tilar dunya. Warsih ka 12, ahir taun hijrah, dihiji tempat Talaga Ghadir, Ghadirkhum , hiji tempat antare Makkah sareng Madinnah, ping 18 Rayagung, 18 Dzulhijjah. “Sing saha nu ngankeun kula pamimpin matakna ‘Ali aa pamimpina”, kaul Kanjeng Rasul SAW.
Ku panjajah seren taun disalengorkeun janten seba panen, mayar upeti, kumargi aya kayakinan yen nu baris nampi nya kanjeng Ratu. Panjajah ngamanfaatkeun kayakinan eta. Pamugi sadaya warga adat sa Nusantara, kukuh, tur pengkuh dina warisan karuhun nu sakitu waluyana.
Seren taun, nya nyerakeun kapamimpinan kamanusaan ti Manusa Agung (MAUNG,) ka Manusa Linuhung (MAUNG)… Cag!@Abah Doct. Kabuyutan








Komentar