Ku Abah Yusuf Bachtiar (Sesepuh Kabuyutan Gegerkalong Bandung & Tokoh Budaya Sunda)
UDAR, hartosna , tiasa lepas, buyar, paculihay, teukaiket deui. GELUNG, hartosna bengketan ambet (rambut panjang) nu dibwlitkeun na luhureun mastaka.TALI GADANG, biasa oge disebut, Tambang Badag, biasa dipake rek mencit kebo, atawa nuar kai badag.
Dina larapan kahirupan, dimana manusa tos lepas Siger, Iket , pamengket mastaka, nu jadi mustikana manusa. Makna jasad iket, tiasa ditingali tina motif batik nu diangge, siloka, nu ayana kelir batik. Wengkuna tiasa diropea,rupa-rupa.
TALI GADANG, kahiji nya UGERAN GUSTI ALLAH, KITAB SUCI; kadua nya ajaran Kanjeng Rasulullah SAW nu janten patok ADAT BUDAYA pikeun sadaya bangsa manusa tur bangsa jin, katilu, nya Ujaran para Karuhun, Luluhur, ka Prabuan nu teupatohaiyah sareng tali gada kahiji tur kadua.
Mustikana kamanusaan, nyatana dina mastaka, maksadna akalna. Kadar akal, nu mawa kapinteran, katerampilan, tur nganterkeun kana bebeneran na kahirupan.
Diurang, bahasa Udar Gelung, tos janten babasan. Tur nuduhkeun kana paripolah jalma, si etamah tos udar gelung. Hartosna tos teupanceg deui kamanusaana, matak disebat jalma tos lain menusa deui. Manusa mah, panceg na galur tetep renggeneuk na bebeneran, teungalengkahan catang satakah, tur teulanca linci ingkah balilahan. Disebat na ugeran Gusti, manusa taqwa (mutakin), istiqamah. Teusadaya manusatiasa ngahontal ugeran Gusti Allah, gumantung kamampuan tur kadar akalna.
Kunaon kiwari, loba keneh jalma alahbatan manusa. Manusa ngupayakeun dirina, nyipuh diri ngolah rasa nu jadi paripolah kahirupan nu kawengku ku Tali Gadang , TRI SULA (Ugeran, Ajaran, Ujaran)…kitu sapamendak mah…pun..pun..tabe pun..sumangga boh bilih aya nu nyarungsum, supados langkung euyeub..Cag!@Abah Yusuf Doct#Kabuyutan










Komentar